Kamis, 06 Desember 2012

#Sajak Ambek Ka Babaturan

Manéhna nu ngajak, manéhna nu kudu ditungguan. Kuring da teu hayang diajak, kuring da embung nungguan.

Kajeun teuing susulumputan, kuring geus teu hayang ngémutan. Manéh bener teu nganiatan. Kuring teu sudi nungguan.

Paduli teuing manéh hayang iinditan. Paduli teuing manéh hayang ditungguan. Jung indit sorangan. Ka kuring ulah ngajakan.

Mun hayang dibarengan montong diselang. Mun moal indit ulah ngajakan.

Baé teu jadi gé lantaran manéh kaciri teu yakin. Kajeun teu indit gé lantaran manéh cicing baé.

Jalema jiga manéh kudu diantep. Jalma nu kawas manéh kudu sina miharep. Ku kuring arék diantep. Ngarah kuring bisa salamet.

Hayoh manéh ngomong jeung nanya. Terus manéh ngajak tur nanya. Hayu cuang babarengan. Teu sudi teuing aing ngabaturan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar