Rabu, 05 Desember 2012

Rumpelstilsen

(Tina dongeng Jerman "Rumpelstilzchen" dikumpulkeun ku adi lanceuk Grimm, disundakeun ku Abdul Toyib Sodikin)

Kacaritakeun jaman baheula aya tukang tinun bulu domba jadi bola. Manéhna ngabogaan anak awéwé nu geulis kacida. Harita sang Raja indit moro ka leuweung nu deukeut ka kampung di.mana tukang tinun cicing. Basa Raja ngaliwat, tukang tinun ngahaja nyarita dihareupeun tatanggana yén budakna bisa ninun jarami jadi bola emas. Ku kituna sang Raja ngadéngé omongan tukang tinun éta. Ku sabab kitu budak awéwéna dipénta ku sang Raja sangkan dibawa ka istana.

"Ayeuna gawéan ku manéh, tinun ieu sakabéh jarami jadi emas dina sapeuting. Isukan dina wanci rebun-rebun mun sakabéh jarami teu jadi emas, manéh bakal dipancung," paréntah sang Raja ka budak awéwé tukang tinun.

Sabada panto kamar ditutup ku Raja, manéhna ceurik ngarikrik. "Rék kumaha kuring ngarobah jarami sakamar-kamar jadi emas. Kuring teu mampuh. Gara-gara bapa kuring hayang katénjo luhung dihareupeun raja kuring kudu nalangsa." Pok manéhna bari gedé kasieunana yén manéhna bakal dipaéhan ku raja isukan.

Rekét panto aya nu muka. Lalaki leutik, pendék, tur bongkok asup. "Ku naon anjeun bet ceurik?" Tanya lalaki bongkok éta ka budak tukang tinun. Tuluy nyarita budak awéwé téh naon nu matak manéhna ceurik.

"Naon nu rék anjeun bikeun ka kuring mun kuring ngabantuan anjeun?"

"Kalung emas kuring."

Tuluy lalaki leutik éta ninun sakabéh jarami nu lobana sakamar pinuh jadi emas sadengken budak awéwé éta tibra saré nepi ka isuknakeun.

Raja mukakeun panto, ningali yén anu tadina jarami téh geus jadi emas dina gulungan anu rapih. Raja teu kacida bungahna. Si budak awéwé dipindahkeun ka rohangan nu séjén nu dijerona aya jarami nu leuwih loba sarta dibéré pancén nu teu jauh béda.

Pondokna carita lalaki nu pendék téa datang deui peutingna mangninunkeun jarami jadi emas tapi ayeuna mah dibéré cincin ku budak awéwé.

Isukna raja datang deui dina isukna, bungahna jiga peuting kamari. Si budak awéwé dibawa ka rohangan nu séjén nu jaramina dua kali leuwih loba tibatan rohangan nu kadua, tilu kali tibatan rohangan kahiji. Dititah deui ninun jarami jadi emas mun isukna teu réngsé budak awéwé éta bakalan bener-bener di pancung. Tapi dina danget ayeuna sang Raja ngajangjian yén bakal ngawinan éta awéwé lamun isukan pancéna réngsé.

Siga dua peuting katukang lalaki nu leutik téa datang deui nulungan éta budak awéwé ninun jarami jadi emas. Paménta manéhna nyaéta kudu mikeun budak sulungna sabada si awéwé jadi permaisuri raja. Si awéwé nyanggupan, saperti dua peuting saacana manéhna saré nepi ka datangna isuk, bari lalaki bongkok éta ninun jarami jadi emas.

Sakali deui sang Raja jol isukna bungah ningali naon nu dipéntana ka budak awéwé tukang tinun éta. Pondokna carita raja ngawinan budak awéwé éta selang sataun boga orok lalaki nu kasép ti permaisurina.

Dina hiji peuting lalaki leutik, pendék, tuluy bongkok datang sakali deui. Ayeuna manéhna ménta orokna budak awéwé nu geus jadi bagunda ratu. Lalaki éta pok méré tarucing. Kieu tarucingna teh:

"Anjeun kudu nyebutkeun wasta kuring.

Mun anjeun lepat nyebutkeun ngaran kuring,

maka orok anjeun bakal jadi milik ku kuring."

Éta lalaki bongkok datang deui peuting saterusna. Baginda Ratu nyebutkeun sakabéh ngaran nu bireuk nu araranéh nu dipikirna ngaran lalaki pendék éta. "Wasta anjeun Yohan? Atawa Sinurbain?"

"Ah, sanés, sanés. Lain éta, éta lain ngaran kuring." Waler lalaki leutik éta.

Sang Ratu ngutus para prajuritna pikeun mikanyaho naon ngaran si jalma bongkok éta.

Kacaritakeun aya hiji prajurit nu geus ngalalana ka sakabéh karajaan nepi ka jero leuweung timbir karajaan. Prajurit éta téh teu kasawang ti anggalna noong aya jalma leutik tur bongkok luluncatan ngurilingan diudurukan bari ngawih. Kieu kawihna téh:

"Poé ieu kuring meuleum, isukan kuring teuleum;

Pagéto orok baginda ratu milik kuring;

Alusna teu hiji-hijieun ngaran kuring apaleun

Yén Rumpelstilsen nyaéta ngaran kuring"2

Dina peuting katilu datang deui éta lalaki bongkok, leutik, pendék téh ka baginda Ratu. Nagih waléran tarucingna mun lain nya orokna Ratu. "Ngaran anjeun Kuns? Hains?" Ceuk Ratu.

"Salah kabéh. Lain éta ngaran kuring mahr."

"Anjeun sugan ngarana Rumpelstilsen?"

"Ah, baginda Ratu. Anjeun teu sangsi deui nyebatkeun wasta abdi." Jerit lalaki bongkok éta téh. Tuluy manéhna nincakeun suku katuhuna kana taneuh satarikna. Sukuna melak dina taneuh. Tuluy leungeuna pageuh nyekelan suku kéncana. Si lalaki bongkok, pendék, leutik éta beulah jadi dua.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar