Selasa, 14 Mei 2013

Indonesia Nagara nu Pikaseurieun

(1) Rék disidik ditilik ti palebah mana waé ogé Indonésia mah nagara nu dipakaseurieun: Wilayah lautna lega pisan tapi jadi nagara agraris.
(2) Geus jadi nagara nu maju dina widang pertanian terus hayang jadi nagara industri pabrik. Kaciri pisan hayang diseungseurikeina téh.
(3) Lautna lega teu kaala. Taneuhna subur teu matak rahayatna makmur. Nyieun pabrik rahayatna ceurik. Sagala rupa hésé, sagala kéré.
(4) Lauk teu bisa ngala sorangan. Sangu teu bisa melak sorangan. Pakakas hirup sapopoé teu bisa ngarakit sorangan. Naon atuh nu dipikabisa?
(5) Sagala rupa meunang meuli. Pakakas meuli ti luar negeri. Béas meunang meuli ti tatangga. Nepi ka uyah gé meuli. Ari duitna nginjeum.
(6) Saéstuna Indonesia téh masih aya dina jaman penjajahan. Mung ayeuna geus jadi nagara merdika ogé dijajah dina perkara ékonomi politik.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar