Senin, 13 Mei 2013

Dicutat Tina "Baruang Ka Nu Ngarora": Papatah Abdul Raup Ka Nyi Rapiah

Pikeun di manéh aya pisan jalan takabur téh, sabab nomer hiji indung-bapa lain jalma hina-hina teuing, kasebut ku nu séjén beunghar, diajénan, dihalormat; kadua manéh boga rupa hadé; katilu manéh ngarasa beunghar, duméh anak anu kaya; kaopat manéh boga rasa bedas, jagjag waringkas, kawantu eukeur ngora, buta tulang buta daging; kalima sakadar-kadar manéh ogé boga pangarti da ti bubudak ku kolot diwarah ngaji, dipapatahan digawé; kagenep duméh sok aya amal ibadah nurutan kolot, éta matak ogé ngadatangkeun katakaburan; ari katujuhna sanajan manéh lain nu jeneng, tapi ka batur sasama manéh diajénan, duméh nénjo ka kolotna. Tapi masing ngarti Nyai, éta tujuhanana euweuh anu pananggeuhan sabab teu aya pisan nu awét.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar